Kahatur,

Bapak/Ibu/Sadérék

Tamu Undangan

Hapunten bilih aya kalepatan dina nyerat nami/gelar

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Pun tabé pun sampurasun

Ginulur rahayu ti nu Maha Agung, ginanjar waluya ti nu Maha Kawasa, kalayan jiad pangriksa ti sepuh tur karuhun, mituhu rasaning panungtun batin geusan nedunan paménta wayah tur wasa-Na midangkeun tembang lalampahan mungkas alam bubudakeun, ngeureut reregedna diri, nyinglar sadaya kokotor. Wening galih nu dipamrih kalayan diangkir linggih dina raraga nyelamkeun pun anak anu baris dilaksanakeun dina:

Dinten: Saptu

Ping: 11 April 2026

Waktos: Tabuh 10.00 WIB dugi ka réngsé

Tempat: Kasepuhan Gelaralam, Desa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi

Pamugi bapa/ibu/sadérék tiasa sumping dina waktosna pikeun sasarengan jajap pangdunga kanggo pun anak kalayan disarengan ku rohmat kalayan widi Mantena aya dina ginanjar kawilujengan sapapaosna. Jembar hampura nu diteda. Cag, rampés.

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Line Pasifik Antar Bakti

SEJA NYELAMKEUN

LINE PASIFIK ANTARBAKTI

RUNTUYAN ACARA:

PANGAOSAN:

DINTEN REBO, 8 April 2026 TABUH 15.00 WIB
USTADZ YANA

NGAREMPUG:

DINTEN KEMIS, 9 April 2026 TABUH 07.00 WIB
HIBURAN PELOG/WAYANG GOLEK

KIRIM DOA:

DINTEN JUMAAH, 10 April 2026
HIBURAN JIPENG SATIA KULUN

HELARAN:

DINTEN SABTU, 11 April 2026
FANNY SABILLA
PINTONAN WAYANG KI DALANG
WAWAN DEDE AMUNG SUTARYA
& BAJIDOR

NGEUREUT:

DINTEN MINGGU, 12 April 2026
HIBURAN TOPENG PUSAKA GELAR MULYA

SALAMET TILU WENGI:

DINTEN SENEN, 13 APRIL 2026
HIBURAN PUTRA SINAR MUDA

DINTEN SALASA, 14 APRIL 2026

DINTEN REBO, 15 APRIL 2026
HIBURAN BUANA ENTERTAINMENT

Lokasi Acara

Konfirmasi
Kehadiran

0 Hadir
0 Tidak Hadir

Ucapan & Doa Tamu